728x90 AdSpace

Arsip BSC
  • Berita Terbaru

    Dongeng Sunda Sasakala Talaga Warna....!!!

    Dongeng Sunda Sasakala Talaga Warna....!!!
    Di lamping gunung Megamendung, teu tebih ti jalan anu ti Bogor ka Sindang-laya, aya situ hiang katelahna Talaga-warna. 

    Sering pisan bangsa Eropa mah ngahaja sarumping ka dinya, ngaradon sukan-sukan bari ningali kaanehanana. Margi titingalian di sakurilingna eta talaga teu kinten saena, 

    Kakayonna anu garede ngararoyom ka sisi cai, pating runggunuk sapertos kenging ngahaja ngatur. kawuwuh hawana tiis, kawantos di luhur gunung.

    Nanging ari bangsa urang mah teu warantuneun ngagadabah, malah awis aya anu ngahaja ngadon macangkrama borak-borak di sisi Talagawarna mah, margi sieun ku mamalana, pedah eta tempat dianggap sanget.

    Ku sabrehan oge katingali geueumanana, pantes seueur dedemitna, caina ngagimbleng, sakapeung hejo, sakapeung jinggga, sakapeung semu koneng atanapi kayas. Eta margina nu mawi eta situ hiang disebat Talagawarna, reh caina sok gentos-gentos warnana.

    Numutkeun cariosan sepuh urang Cianjur, nu mawi rupi caina sok robah-robah kitu teh aya sasakalana. 

    Kieu dongengna:
    Jaman baheula palebah dinya cenah aya nagara anu teu kinten ramena, gegek jelemana tur balaleunghar deuih. Anu jumeneng raja kawentar asih ka abdi-abdi, kagurnita kaadilanana, puguh deui ari kabeungharanana mah kakoncara ka mana-mana.

    Kacarioskeun kangjeng rada kagungan putra istri mung hiji-hijina pisan, geulis taya tandingna, salira jangjing lenggik, rarayna ngadaun seureuh, keningna ngajeler paeh. waosna gula gumantung, panangan bentik ngagondewa.

    Atuh ku ibu ku ramana sakalintang dipusti-pustina,dieugeuh didama-dama, estu saniskanten dipupujuhkeun, sakapalajna teu aja nu dipungpang. Barang sang putri parantos yuswa opat welas taun, keur sumedeng rumaja putri, nindak kana turun amis cau, teu aya deui damelna unggal dinten ngan mesek salira, di karaton pipidangan, gentos-gentos panganggo,,nu murub mubjar  ditabur inten widuri.

    Midang teu aya musimna, ningkes panganggo anu wareuteuh siang-wengi, saniskanten kedah ningeang surupanana. Sareng salamina kedah ngaleuseuhan bae, teu kersa nganggo nu lusuh. Upami sinjang songket, atuh raksukanana kedah' suat emas pulas kajas, sumberna kedah berlian masung, pinggel belah rotan ditaretes inten, malah sanegul direka-reka kengine njusurup, parantos aja mban tukangna. 

    Ku ibu ku rama estu diayunkeun sakersana, kawantos ratu mukti salieuk beh. sayagi geusan ngumbruk-ngumbruk putra, anu sakitu dianggo kameumeutna. Binangkitna putri kana ningkes panganggo parantos teu aya tandingna, jadi pamujian saeusi nagri ditiru ditarurutan ku istri-istri sadaya.

    Ku margi ti mumurangkalih dibiasakeun ngaleuseuhan wungkul tea, sarene tinekesanana teu kenging pisan aya gesehna, lami-lami putri sering pusing galih, reh bingung kumaha nya pimodeleun, da anu parantos aya mah karaosna matak bosen, karaosna kieu teu surup, kitu teu surup. 

    Damelna nangis ngurihit ka ibu ka rama, nyuhunkeun inten keur rarambu kekemben, sareng mundut berlian keur tabur raksukan, mundut jambrut keur papaes pajeng, sareng mundut deui rupi-rupi permata anggoeun ieu anggoeun itu pangwuwuh anu parantos aya.

    Awitna mah pamundutna ku ibu ku rama tara aya anu dipogogan, najan barang anu langka, dibelaan ngadalak nimbalan mantri ponggawa milari ka unggal nagri. Atuh permata oge dugi ka parantos sababaraha peti geledeg, jabi sutra bangsa anggoan sipat nyamu.

    Nanging lami ti lami, tina sanget kasengsrem ku tingkesan anu marodel tea, pamundut putri seueur pisan murkana, dugi ka ku ibu ku rama kapaksa sok dipondah, lantaran kamanah, yen mikahojong anu sarupi kitu mah henteu matak jadi papaes kapantesan.

    Atuh sang putri sering bendu, pundung ka sepuh tina raosna asa dipungpang kahoyong,damelna kutuk gendeng, dugi ka wantun ngupat nyebatkeun medit, nyebat kurned, majar teu nyaah ka putra.

    Dina hiji dinten putri sumping dumeuheus ka payuneun ibu rama diiring ku emban-emban, sakumaha biasa bade aya deui pamundut, reh kaangsonan ku mojang eusi pun. majar surup mawa sieup, upami tungtung, rambut unggal lambar digantelan ku mirah sareng widuri.

    Ku kangjeng raja di.gumujengkeun, pamundut anu sakitu minculakna teh, disebatkeun murka kaleuwihan, ditung-tungan ku piwuruk. supados putra ulah katalanjuran teuing.

    Nanging ujug-ujug jengket bae putri ti payuneun rama. nangis kanyenyerian bari teu tata pasini deui, wur bae permata anu dicandak harita ku anjeunna diawurkeun kana mastaka ramana. Gejlig putri ka latar,jamotrot bendu ka sepuh bari ngagantawang kieu: „Kop tah cokot deui anu owel mah dipake ku ....,,

    Ajaib pisan teu acan tutup putri sasauranana, ujug-ujug burial bae cai ngabulak-bulak ti tengah latar tea, leb karaton kakeueum, musna rupa nagara dadak sakala salin jinis ngajadi talaga.

    Nu mawi caina ayeuna sok gentos-gentos rupi teh, nya eta dumeh kahibaran ku cahaja berlian sareng permata nu sanes, anu majak didasarna, tilas ngawuran mastaka kangjeng raja, ramana putri nu murka tea. ***

     Tina:Dongeng-Dongeng Sasakala.Terbitan Bale Pustaka-1958.





    Diposting oleh Poerwalaksana
    Arsip BSC Updated pada: Rabu, Januari 14, 2015
    Poerwalaksana

    Poerwalaksana is a freelance web designer and developer with a passion for interaction design.

    Facebook Group: Bandung Social Community

    • Blogger Comments
    • Facebook Comments

    0 komentar:

    Posting Komentar

    Item Reviewed: Dongeng Sunda Sasakala Talaga Warna....!!! Rating: 5 Reviewed By: Poerwalaksana
    Scroll to Top